Minggu, 09 November 2008

Nyi Aisya

Carpon KAK DASAM

Ayeuna geus jam satengah sabelas peuting, tapi simkuring hariring teu bisa sare. Inget ka Qori’ah nu bie ngaos Al-Quran kacida alusna, ceuk paribasa saha bae jalmi nu ngadanguna pasti hatena bakal tinggeleter (wajilat qulubuhum), gumeter karna raos kadanguna jeung nu langkung matak ngageterkeun kana hate nyaeta kunu gaduh sowanteuna nyaeta Nyi Aisya. Ari Nyi Aisya teh putri Pangersa Ajengan Abdullah Al-‘Alim, nu raos ngaos Al-Qurana tur nu geulis rupina, bodas nyacas awakna nu matak ngajadaikeun manah para santriawan gumeleter nya kaleubeut simkuring. Opat tahun ngedekeutan Nyi Aisya tapi can wani nepi ka ngomong resep mah. Tapi ceuk nyi Ii cenah mah Nyi Aisya kungsi resep malah sok nananyakeun bae. Enjing dinteun Jum’at, pasantren libur jeung biasana santriawati sok nyareuseuh di walungan cimanuk sumawona Nyi Aisya. Mun kieu mah simkuring rek geuwat sare supados tiasa ningali bentang pasantren ngagusrek nyeuseuh raksukana, tapi maksad nu utami mah rek ngomong kana yen simkuring cinta ka anjeuna.

Gulidagna cai Cimanuk nu koneng kasorot panon poe can katinggali aya jalmi nu nyoo eta cai. Simkuring nangkring dina tangkal jati gigiruen cukang kayu bari nempelkeun leungeun ka tarang kawas jalma nu hormat mencrongkeun pangningali tikidul ka keler mapay panjang walungan milarian Nyi Aisya jeung rombongan nyeuseuhna sugan geus aya disisi walungan keur nyareuseuh. Poe biki panas tapi panon teu ningali Nyi Aisya. Simkuring akhirna diuk dina pangpang jati baris ngantosan istri nu salami iyeu dipepeling dina manah, kapikiran dina akal.

“Nyi... enggal” simkuring rewas ngadangu sora nyi Imas ngagero “Nyi....”, “Nyi sahanya?” gerentes hate simkuring. Boa- boa Nyi Aisya. Simkuring langsung nangtung ninggali jalan satapak nu nyambung kacukang ningali Nyi Aisya nu gagalemboyan mawa seuseuheun pangtukangna.

“Imas... antosan atuh” Nyi Aisya ngagero

“Nya enggal, I... bantosan atuh si Nyai karunya”. Nyi Imas miwarang nyi Ii Karlina.

“Muhun teh...” nyi Ii ngawaler. “Nyai kadieukeun raksukana, wios abdi weh nu nyandak” carios nyi Ii bari ngasongkeun panangana ngarawel raksukan Nyi Aisya.

“Wios nyi... teu kedah abdi ge kiat, ngan jalana leueur wungkul iyeu teh janten sesah mapahna” waler Nyi Aisya rada panjang.

“Nya kede atuh mapahna bilih geubis”waler nyi Ii. Nembe ge nyarios. GEDEBLU!!! “Aduhhh!!!” Nyi Ii labuh nangkarak beungkang dina leutak jalan nu leueur.

“MODAR SIA” dina manah simkuring ningali nyi Ii labuh rada bingah, sanes rada ketang bingah. Bongan beheula simkuring dibejakeun teu ngaji ku nyi Ii ka Pengersa nu jadi simkuring di ambeukan.

“Nyi teu kunanaon?...” saur Nyi Aisya bari ngarawel panangan nyi Ii kalayan ngahudangkeun. “Nyi Imas bantosan atuh nyi Ii karunya, pang candakankeun raksukana” gumero Nyi Aisya.

“Muhun” waler nyi Imas. “I matakna ari leumpang teh pake panon tong make tuur. Ucap nyi Imas rada jengkeul.

“Atuh da teu apal Imas, pan abdi teh nuju ngalieuk katukang mikakade ka Nyi Aisya, eh... kadon abdi nu geubis” tembal nyi Ii. “nuhun atuh tos ngabarantosan” sambung nyi Ii.

Simkuring masih nagkring dina pangpang jati ngingali Nyi Aisya, nyi Ii jeung nyi Imas nu geus ngalanjutkeun perjalanana.

“Tuh cukang Cimanuk tos katingali, bade nyeuseuh di handapeun cukang atanapi di pentas walungan?” tanya nyi Ii bari ngebeneurkeun pakeanana nu bobolokot jeung kusut akibat tina labuh bieu.

“Ah teu langkung bade dimana ge” waler nyi Imas.

“Di pentas walungan weh, raos ariuh” sambung Nyi Aisya.

“Hayu... atuh” waler nyi Ii jeung nyi Imas.

“Al-hamdulillah teu dihandapeun cukang” ucap simkuring bari laun. Mun handapeun cukang tangtu simkuring bakal ka panggih, margi ieu tangkal jati gigireun cukang pisan. Pas Nyi Aisya jeung rencangna ngaliwat cukang simkuring nyumput ka pangpang jati nu badag supados teu katinggal. Nyi Imas geus tiheula nyukang, pami Nyi Aisya jeung nyi Ii ditarukang bari silih tungtun, jiganamah sieuneun labuh.

“Nyi... I... enggal” gorowok nyi Imas dipentas walungan geus nepi.

“Muhun” saur nyi Ii. “nyeuseuhna handapaeun tangkal jati nu ageng supados iyuh” sambung Nyi Aisya.

“Muhum putri ajengan” waler nyi imas bari rada heureuy.

Nyi Aisya jeung rencangna tos dugi ka tempat nyeuseuh tinggalucrek nyeuseuh pakean. “Aisya... Aisya... kacida geulisna diri enjeun, awak lumampay, irung mancung, bodas nyacas, ngajina pinteur... duh Gusti nun pangeran abdi. Abdi tulungan... pasihkeun nyi Aisya ka kang Syamsudin” gerentes hate simkuring bari ninggali Nyi Aisya nu kabaseuhan kucai Cimanuk kalayan tiung dibeulitkeun ka beuheung nambah geulis ka rupana.

Nalika simkuring keur noong khusu’ ka Nyi Aisya, rarasaan aya sato nu tinggarayang tibis ka pingping baris nepi kapalangkakan jeung jiganamah bakal nepi ka... ADUHHH!!!... AAAWWW!!! EMMMMAAA.... AISYA.. EH EMMAAA!!!! enya eta sato nepi ka “Si ujang farji mastaka alit???”nyoco pisan helmna simkuring ngagorowok teu eling nyebut nyi Aisya.

GEDEBLU!!! “Aya naon etanya aaduhan bari nyebat nami simkuring” saur Nyi Aisya rada bingung.

“Duka” sambung nyi Imas oge bingung.

“Jiganamah sora jalmi nu geubis ti tangkal jati gigireun cukang walungan” saur nyi Ii.

“Muhun, hayu atuh urang teang” waler Nyi Aisya.

“Hayuuua” waler Imas jeung Ii.

Blag- blig- blug sora jalma mentas di cukang bari lumpat Boa – boa Nyi Aisya jeung rencangna. Simkuring teu pati paduli rek sasaha ge nu penting simkuring rek maehan iye sato nu ngagarayang ka si ujang farji??? Karek ge simkuring ngodok kacalana.

“Kang Udinnnn.....” ucap Nyi Aisya rada rewas jeung ngarewaskeun simkuring.

“Ehhh Ny...Nya...Nyai” simkuring era bari ngaluarkeun leunguen ti calana.

“Ehhh Samsudin... kunaon geubis? Ucap nyi Ii rada bingah.

“Noongnya...” tambah nyi Imas rada curiga.

“Hhhh....henttt... henteu” jawab simkuring bari nyomot jeung miteskeun sireum rarangge nu kacomot ti calana samemeh maranehna datang.

“Ah bohong... naha bet aya didieu bari labuh ti tangkal jati” tambah nyi Ii lewih ngadesek. “Ngakuuu atuh kang” tambah Imas naokidan Ii

“Hhhheennnntttteeuuu...” simkuring jawab bari nahan nyeri ti sirem nu masih nyoco ka... helm simkuring.

“Naha kang ngawaler teh ni murinding kitu, nyeri nya?” ucap nyi Aisya bari dongko mantuan simkuring hudang.

“Ahhh biasa aja Nyi.....” jawab simkuring. “AWWW!!!” nyoco dei siremna.

“Matak ge Din ari resep ngomong... tong pake acara noong sagala” ucap nyi Imas sinis. “Muhun teu kenging diungkeb di jero manah, tinggal ngomong NYI AISYA ABDI CINTA” nyi Ii naokidan.

Simkuring jadi isin jeung barereum, keurmah beureum nu handap dicoco sireum . Jiganamah Nyi Aisya ge isinen da rada tungkul.

“Hayu I urang nyeseuh dei” ajak Imas. “hayu” jawab Ii

Simkuring ditinggalkeun duaan jeung Nyi Aisya.

“Nyi bilih bade nyeseuhmah mangga” ucap sing kuring bari ngadoa supados Nyi Aisya tong indit.

“Muhun atuh ari kitumah abdi bade nyeseh deui” waler Nyi Aisya bari rek Indit.

“Nyi....” ucap simkuring

“Kah...” waler Nyi Aisya

“ADDUHHH!!!” sirem nyoco dei

“Kang udin teu kunanaon” nyi Aisya rewas

“Henteu” waler simkuring. “teu kenging ninggalkeun... kang Udin nyeri” sambung simkuring.

“Naha teu kenging ninggalkeun?” tanya Aisya

“Margi... margi...Nyai nu tiasa ngubaran” jawab simkuring

“Ngubaran naon Kang?” nanya deui

“Ngubaran... manah kang Udin nu pateh” jawab simkuring rada era.

“Emang nu nyerina naon? Naha geubisna awak tapi nu di raosna manah?” nanya deui.

“Nyai Geulis” simkuring malengkotkeun omongan.

“Kang Udin mah, waler heula nu tadi” Nyi Aisya cumarios rada isin jeung bingah.

“Oh... eta... nya kitu weh” heureuy saetik.

“Wios pami moal di waler abdi bade nyeseh” Nyi Aisya rada pundung.

“Nyi... “ simkuring nyarios bari ngarawel panangan Nyi Aisya.

“Ihhh... Kang Udin mah” ngewatkeun leungeun simkuring bari rada ambek bingah. “Kang...” sambungna

“Kulan...” waler simkuring

“Waler nu tadi naha bet manah kang Udin nyeri jeung wungkul abdi nu tiasa ngubarana” Nyi Aisya nanya panasaran.

“Leres palai terang?” simkuring nanya.

“Leres” waler Aisya

“Bismillahirohmanirrohim... ehm” sing kuring baca basmallah jeung ngadehem. “kieu Nyi...ti sapek kang Udin lebet ka Pasantren Pun rama Nyai, jeung ningali ka putrina anu jiga bidadari sawarga, nu sowanteuna sae, ngaosna pinter jeung... jeung sajabina weh nu sarae. Kang Udin teh sok ka pengpelingenan wae ku nyai jeung sok emut wae ka Nyai duka teuing naon sababna. Saking kang Udin sok emut bae kanyai janten...”

“Janten naon kang?” Nyi Aisya motong

“Nya jenten... janten manah kang Udin geuring. Waler simkuring.

“Maksadna?...” Nyi Aisya nanya panasaran.

“Maksadna.... bismillahirrohmanirrohim Kang Udin Cinta Ka Nyai” simkuring terus terang.

“Naha...” Nyi Aisya tambah panasaran

“Taqdir Allah” waler simkuring bari mandang wajah Aisya nu bangir pangambungna. “Nyi... kersa teu pami uwihna di jajap ku kang Udin?” simkuring nanya.

“Dijajap kamana Kang?” Aisya nanya

“Dijajap ka tonggoh”waler simkuring.

“Caket teuing” sambung Aisya Aisya

“Ka pasantren atuh” sambung simkuring

“Alim ah masih cakeut” waler Aisya

“Pami di jajapna dugi kajaga, kumaha” sim kurang naros

“Pami dijajapna dugi kajaga. Abdi kersa” waler Aisya rada tungkul nu nambah geulis rupina ngageterkeun hate simkuring..

“Leres nyai kersa” simkuring panasaran.

“Leres... asal kang Udin janji...” tanya Aisya

‘Janji naon?” simkuring nanya

“Bade leres ngaosna sareng nu pasti setia moal sulaya” waler Aisya.

“Kang Udin janji rek ngajajap nyai sahidup samati moal rek sulaya” waler simkuring. “Nyai...” sambung simkuring.

“Kah...” waler Aisya

“Kang Udin cinta ka Nyai... pami nyai Cinta teu ka kang Udin?” simkuring nanya.

“Nya kitu weh...” waler Aisya.

“Nyai.... bade nyeseh moal” tanya Imas motong karomatisan batur.

“bade” waler Aisya.

“Kang Udin Abdi bade nyeseh heula... kang Udin ge kedah ka pasantren panon poe tereh lingsir sakedap dei Juma’atan” sambung Nyi Aisya ka simkuring.

“Muhun kang Udin ge bade ka pasantren bilih di pilarian Pangersa” simkuring ngawaler. “tapi sateacana... waler heula nu tadi... nya nu eta tea. Nu Nyai cinta teu ka kang Udin. Sambung simkuring. Aisya senyum nu ngahiasi wajah geulisna bari ningali sakedap tuluy tungkul deui.

“Kang abdi bade nyeseh... mangga kang” Aisya teu ngawaler pertanyaan ngaleos bari mere senyum manisna ka kang Udin. Simkuring ge ngaleos balik ka pasantren. Simkuring ngalieuk ka tukang ningali Nyi Aisya jeung kaperengan Nyi Aisya ni ngali simkuring.

“Kang.... kade dijalana” ucap Aisya bari mesem ngaleos teu balik dei.

Simkuring teu jawab nanaon ngan saukur seri bungah. Teu seer carios saking bungahna cinta simkuring di tarima ku Nyi Aisya, simkuring lumpat kapasantren teu paduli cucuk katijek sirem rarangge nyoco teu di rasa sakabeh kanyeri leungit ku Nyi Aisya. Nun... Gusti nuhun do’a teh di tampi.

0 komentar:

 
Design by Free WordPress Themes | Bloggerized by Lasantha - Premium Blogger Themes | cna certification